PERPUSTAKAAN




BENTANG SALAPAN

Obor Cacaang Ngebrehkeun Tataban Jambatan Titincakan
Kaum Ahlussunnah Waljama’ah
Khususna Warga Jam’iyyah Nahdlatul Ulama






































 














 Disusun
Ku Sim Kuring Anu Banget Laif

Muhammad Nuh Addawami

Khadim al-Ma’had al-Islamy Nurulhuda
Cisurupan – Garut










Kapihatur dina raraga mapag mieling wanci lahir Nahdlatul Ulama
Ka-75 taun 1926 H / 2001 M



DAFTAR EUSI


1.
Masalah Iman jeung Islam
3


Harti Iman jeung Islam lughotan
3


Harti Iman jeung Islam syar’an
4


Hubungan antara Iman jeung Islam
6


Guna Iman jeung Islam
11


Bantahan kana madzhab Mu’tazilah
16


Bantahan kana madzhab Murji’ah
22


Nasehat jeung anjuran
24




2.
Masalah Syahadat
25




3.
Masalah Bid’ah
35


Pandangan Ulama tentang ngabagi-bagi
43


Koreksian kana pamadegan Imam As-Syatibi
46


Ta’rif Bid’ah anu dipidangkeun ku SAWatara Ulama
48


Bantahan kana pamadegan hanteu meunang ijtihad atawa istinbath dina urusan ibadah

52




4.
Masalah Qodlo Sholat
60


Kaliru faham anu hanteu ngawajibkeun qodlo sholat
62


Pamadegan yen qodlo shalat fardlu bighoeri ‘udzrin hanteu sah

67




5.
Masalah Talqin Mayit
70


Dalil-dalil fatwa sunat Talqin Mayit
72


Bantahan-bantahan pihak anu hanteu satuju kana Talqin Mayit
73


Jawaban kana bantahan-bantahan
75



6.

Masalah Jalma Islam Bunuh Diri
88




7.
Masalah Tawassul
95




8.
Masalah Qiyam Ramadhan
101


Bilangan raka’at sholat tarawih
104


Dalil Qiyam Ramadhan sabelas raka’at
106


Nasehat jeung anjuran
116




9.
Masalah kanabian jeung karasulan Kangjeng Nabi Adam
118






Bentang kahiji. Masalah Iman jeung Islam

الحمد لله رب العالمين – وبه نستعين على امور الدنيا والدين – وصلى الله على سيدنا محمد و على اله وصحبه وسلم- اما بعد
Mangka saenyana iman jeung islam teh geus hanteu bireuk deui yen eta dua ni’mat anu pohara gedena. Meujeuhna upama anu kaancikanana mikareueus tur ngamumulena, kaasup nitenan hakekatna geusan hanteu pahili jeung anu sakadar mamalihan. Ku lantaran kitu, sim kuring nyoba-nyoba midangkeun bahasan eta iman jeung islam dina harti narjamah atawa nyadur karya-karya para ulama anu kabaca tur kapaham ku sim kuring. Mudah-mudahan ku jalan kieu teh gede manfaatna pikeun sim kuring jeung pikeun anu macana. Amiin.

Ari anu dibahas dina ieu tulisan teh; kahiji, Harti iman jeung islam. Kadua, nisbat antara iman jeung islam. Katilu, guna jeung manfaatna iman jeung islam. Kaopat, bantahan terhadep Madzhab Mu’tazilah. Kalima, bantahan terhadep Madzhab Murji’ah, dipungkas ku nasehat jeung anjuran.

Bab ka 1.  Mertelakeun  Harti Iman jeung Islam.

Pasal ka 1. Mertelakeun Harti Iman jeung Islam lughotan.

1)      Harti Iman lughotan : التصديق مطلقا = ngabenerkeun (percaya) sacara mutlak, dina harti hanteu kawatesan ku ngabenerkeun salah saurang  jalma atawa salah sahiji perkara anu tangtu. Conto, si Fulan datang ngabejaan ka urang yen imah urang teh kahuruan, ti dinya urang ngabenerkeun ku hate kana beja ki Fulan tadi, tah eta lughotan urang geus iman ka ki Fulan kasebut. Kitu deui urang ngabenerkeun ku hate kana wartos ti Kangjeng nabi yen anu midamel ieu alam teh Gusti Allah, tah ngabenerkeun urang ka Kangjeng Nabi teh lughotan deuih disebut oge Iman. Jadi harti Iman lughotan teh: percaya tegesna ngabenerkeun ku hate ka saha bae jeung kana naon bae, boh ka Nabi boh ka lain Nabi. Ari percaya atawa ngabenerkeun ku hate teh nyaeta hate narima tur pasrah sumerah. Dimana urang percaya ka ki Fulan dina caritaanana, mangka hartina hate urang narima tur pasrah sumerah kana beja ki Fulan kasebut.


2)      Harti Islam lughotan : الامتثال والانقياد مطلقا = ngagugu tur tumut barina mutlak, tegesna hanteu kawatesan ku ngagugu tur tumut ka salah saurang anu tangtu dina salah sahiji perkara anu tangtu. Conto, dimana urang ngagugu tur tumut kana ajakan ki Fulan, mangka mungguhing lughot mah ngagugu tur tumut urang eta teh disebit Islam. Kitu deui upama urang ngagugu tur tumut kana ajakan atawa parentahan Kangjeng Nabi, mangka ceuk lughot ngagugu tur tumut urang kasebutdisebut oge Islam deuih. Alhasil, harti Islam lughotan  teh eta kadar-kadar ngagugu tur tumut ka saha bae, boh ka Kangjeng Nabi boh kanu lain.


3)      Catetan: Dina lughotan, Iman teh khusus tempatna hate, atawa ngagugu jeung tumutna hate, lisan mah sakadar narjamah. Ari islam mah eta sumarambah dina hate, dina lisan jeung dina anggahota. Alhasil, mungguhing lughot satiap iman eta islam, jeung hanteu pasti satiap islam eta iman.

Pasal ka 2. Harti Iman jeung Islam syar’an.

1)      Harti Iman syar’an .
Dicarioskeun ku Syaikh al-Islam as-Syaikh Ibrahim al-Baijury dina Hasyiyah Tuhfah al-muriid, nyaeta: تصديق النبي صلى الله عليه وسلم فى كل ما جاء به وعلم من الدين بالضرورة   = mercaya Kangjeng nabi SAW dina sakur perkara anu disumpingkeun ku Anjeuna bari kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury.

2)      As-Syaikh Ibrahim teh dina ngajelaskeun maksad  وعلم من الدين بالضرورة  nyebatkeun:

اي علم من ادلة الدين بشبه الضرورة فهو نظري فى الاصل الا انه لما اشتهر صار ملحقا بالضروري بجامع الجزم
 فى كل بين العام والخاص من غير قبول للتشكيك
=  tegesna anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara nyarupaan kanu dlarury (gampil kanyahoanana), mangka atuh dina asalna mah eta perkara teh nadhary (rumpil kanyahoanana), ngan ku lantaran eta perkara teh geus kamasyhur  atuh jadi weh eta perkara teh kanu diilhaqkeun kanu dlarury dina pada hanteu galideur dina masing-masing eta dua perkara antara anu umum (jalma-jalma anu lain ahli istidlal) jeung anu tangtu (jalma ‘alim ahli istidlal) tina widang hanteu narima kana pangragukeun.

Satuluyna dina ngamurodan  تصديق النبي anu tadi teh As-Syaikh Ibrahim oge ngadawuhkeun kieu:

والمراد بتصديق النبي فى ذلك الاذعان لما جاء به والقبول له ليس المراد وقوع نسبة الصدق اليه فى القلب من
غير اذعان وقبول له حتى يلزم الحكم بايمان كثير من الكفار الذين كانوا يعرفون حقية نبوته ورسالته

= ari anu dimaksud ku تصديق النبي (mercanten Kangjeng Nabi) dina itu ta’rif iman teh eta pasrah sumerah hate kana naon bae perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi tur narima kana eta perkara, lain sakadar ngancikna hubungan bener ka Kangjeng Nabi dina hate tanpa pasrah jeung narima, sahingga pasti ngahukuman ku iman terhadep jalma anu loba ti kalangan kafi-kafir anu nyarahoeun kana bener kanabian jeung karasulan Kangjeng Nabi SAW.

Kasimpulanana: Harti iman syar’an teh : percaya ka Kangjeng Nabi SAW kalawan harti ngabenerkeun sarta pasrah sumerah tur narima hate ka Anjeuna dina sakur perkara anu disumpingkeun ku Anjeuna anu kanyahoan tina dalil-dalil agama kalawan kanyaho anu gampil hanteu rumpil pedah geus kamasyhur. Mangka dimana saurang jalma hanteu percaya kana naon bae perkara anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury anu datangna eta perkara teh wartos ti Kangjeng Nabi SAW atawa disumpingkeun ku Anjeuna mangka eta jalma teh kaluar ti kalangan jalma anu iman syar’an (kafir). Jeung hanteu matak kaluar tina iman (kufur) jalma anu hanteu percaya kana naon bae perkara anu diwartoskeun ku Kangjeng Nabi saumpama eta wartos ti Kangjeng Nabi SAW dina eta perkara teh hanteu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury.

3)      Harti Islam syar’an.
Diterangkeun ku Syaikh Ibrahim Al-Baijury masih dina Hasyiyah Tuhfah al-Muriid, nyaeta:

الامتثال والانقياد لما جاء به النبي صلى الله عليه وسلم  مما علم من الدين بالضرورة
    
= ngagugu tur tumut kana perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng nabi SAW tina perkara anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury.

4)      Ngamurodan الامتثال dina ieu ta’rif teh Syaikh Ahmad ِِِAl-Ajhury dina Taqrirat-na nyebatkeun:

(  قوله فمعنى الاسلام شرعا الامتثال الخ ) المراد بالامتثال الاقرار اللساني بجميع ما جاء به البي صلى الله عليه
 وسلم  الشامل لثبوت الوحدانية لله وثبوت الرسالة لمحمد صلى الله عليه وسلم  وغير ذلك من الاحكام المعلومة
من الدين بالضرورة ويحصل ذلك الاقرار بالنطق بالشهادتين فعلى كل حال مدار الاسلام على النطق بالشهادتين

= Ari anu dimaksud ku الامتثال dina ta’rif islam syar’an eta iqrar ku lisan kana sakabeh perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng nabi SAW anu ngawengku kana tetepna kawahdaniyyatan ka Allah jeung kana tetepna karasulan ka Kangjeng nabi Muhammad SAW, jeung salian ti dinya tina hukum-hukum anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury sarta hasil eta iqrar teh ku ngucapkeun dua kalimah syahadat. Mangka atuh kana sagala tingkah, nyokona islam teh kana ngucapkeun dua kalimah syahadat.

Kasimpulanana: Harti islam syar’an teh : ngagugu tur tumut kana sagala anu disumpingkeun ku Kangjeng nabi SAW tina perkara anu kanyahoan sacara dlarury tina dalil-dalil agama anu nyokona kan ngucapkeun dua kalimah syahadat.

Bab ka 2. Mertelakeun Hubungan / Nisbat antara Iman jeung Islam.

Pasal ka 1.

1)      Dumasar kana harti Iman jeung Islam syar’an anu kasebut di luhur tadi, mangka nisbat antara Iman jeung Islam teh tabayun (beda), boh dina mafhuman-nana boh dina mashodaq-na, tegesna beda dina ma’nana jeung beda afrod-na. Ma’na Iman mah التصديق الباطني = ngabenerkeun ku bathin (percaya). Ari afrod-na eta التصديقات = sababaraha tashdiq, saperti tashdiqna Ki Zaid, tashdiq Ki Umar, tasdhiq Ki Kholid jeung saterusna. Ari ma’na Islam mah الامتثال والانقياد  = turut jeung tumut, anu nyokona kana ngucapkeun dua kalimah syahadat. Ari afrod-na nyaeta الامتثالات والانقيادات = sababaraha imtitsal  jeung  Inqiyad,  saperti imtitsal jeung inqiyadna Ki Zaid, imtitsal jeung inqiyadna Ki Umar jeung saterusna.

2)      kana nisbat tabayun antara iman jeung islam, ku urang kabaca dawuhan Gusti Allah:

قالت الاعراب امنا قل لم تؤمنوا ولكن قولوا اسلمنا
      = Geus ngomong urang arab pasisian, “ parantos iman abdi sadaya ”. Pok caritakeun (ku andika Muhammad): “ tacan iman aranjeun teh, tapi omongkeun bae ku aranjeun; “ parantos islam abdi sadaya”.
     
      Kitu deui ku urang kapanggih dina hadits muttafaq alaih ti Abi Hurairah RA. Tina riwayat Malaikat Jibril nalika tumaros ka Rasulullah SAW, dawuhanana:

ما الايمان؟ قال: الايمان ان تؤمن بالله وملئكته وبلقائه ورسله وتؤمن بالبعث

      = naon ari iman teh? Waler Kangjeng Nabi: Anjeun percaya ka Allah jeung ka malaikatna jeung kana nepanganana jeung ka Rasul-rasulna jeung anjeun percaya kana ba’ats.

قال: ما الاسلام؟ قال: الاسلام ان تعبد الله ولا تشرك به وتقيم الصلاة وتؤدي الزكاة المفروضة وتصوم رمضان...
الحديث
      = Saur Malaikat Jibril: naon ari Islam? Waleran Kangjeng Nabi SAW: ari islam mah anjeun ibadah ka Allah tur hanteu ngamusyrikeunana jeung anjeun ngadegkeun kana solat, jeung mayar anjeun kana zakat anu difardukeun jeung puasa anjeun dina bulan Ramadhan... jeung saterusna hadits.

      Tina ieu hadits kapaham, yen iman teh lain islam jeung islam teh lain iman. Buktina Kangjeng Nabi SAW ngawaler kana pertarosan Malaikat Jibril lebah iman ku waleran anu lain dipake ngawaler lebah pertarosan ngeunaan islam, jeung ngawaler pertarosan ngeunaan islam ku waleran anu lain dipake ngawaler pertarosan ngeunaan iman.

3)      Dumasar kana tabayun antara iman syar’an jeung islam syar’an mangka kaayaan manusa teh kabagi kana opat bagian;
a.       Muslim hanteu mu’min, nyaeta jalma anu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tapi ingkar ku hatena kana naon bae perkara anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW.
b.      Mu’min hanteu muslim, nyaeta jalma anu percaya ku hatena kana saniskara perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury, ngan manehna hanteu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat.
c.       Muslim tur mu’min, nyaeta jalma anu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tur percaya kana sagala perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW anu kanyahoan tina dalil-dalil agama sacara dlarury.
d.      Hanteu muslim jeung hanteu mu’min, nyaeta jalma anu hanteu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tur hanteu percaya kana perkara anu kasebut tadi ku hatena.

4)      Ari pangancikan iman syar’an jeung islam syar’an teh eta ngahiji, tegesna tiap pangancikan iman eta teh pangancikan Islam, kitu deui sabalikna. Alhasil, dimana aya Islam mangka pasti aya Iman.
Ari jihat anggapanana eta aya tilu;
1.      Mungguhing urang salaku manusa (عندنا)
2.      Mungguhing Allah ( عند الله)
3.      Mungguhing urang jeung mungguhing Allah ( عندنا وعند الله)

Ku lantaran kitu, Iman syar’an jeung Islam syar’an teh upama ditilik tina pangancikanana tur tina jihat anggapanana eta kabagi opat bagian;

1.      Iman tur Islam ‘indana, hanteu iman hanteu Islam ‘indallah. Jalma anu kaancikanana disebut mu’min muslim ‘indana, ghoer mu’min ghoer muslim (kafir) ‘indallah. Buktina jalma anu ikrar ku lisanna tapi ingkar ku hatena atawa hanteu percaya kana naon bae perkara anu kanyahoan sacara dlarury tina dalil-dalil agama anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW sarta hanteu nembongkeun kana kaingkaranana kana perkara kasebut teh boh ku ucapanana boh ku pagaweanana
2.      Iman tur Islam ‘indallah, hanteu iman hanteu islam ‘indana. Jalma anu kaancikanan disebut mi’min mislim ‘indallah, ghoer mu’min ghoer muslim ‘indana ( kafir ‘indana). Buktina  jalma anu percaya kana saniskara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW saperti tadi tapi  manehna hanteu daek ikrar kana dua kalimah syahadat ku lisanna.
3.      Iman tur Islam ‘indana wa ‘indallah. Jalma anu kaancikanana disebut mu’min muslim ‘indana wa ‘indallah. Buktina jalma anu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tur percaya ku hatena kana saniskara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi SAW saperti anu tadi.
4.      Hanteu Iman hanteu Islam (kufur) ‘indana wa ‘indallah. Jalma anu kaancikanana disebut Kafir ‘indana wa ‘indallah. Buktina jalma anu hanteu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tur hanteu percaya kana perkara anu kasebut tadi ku hatena.

4)      Dumasar kana uraian masalah ka 4 dina fasal ka 1 bab ka 2 ieu, antara Iman syar’an jeung Islam syar’an teh upama nilik kana pangancikanana sanggeus ngahiji jihat anggapanana ti ‘indallah jeung ti ‘indana mangka nisbat antara Iman jeung Islam teh eta talazum  (dalit ngahiji hanteu pisah). Mangka atuh satiap mu'min pasti muslim jeung satiap muslim pasti mu'min. Tapi upama misah jihat anggapanana ti ‘indallah jeung ti ‘indana, cara islamna ‘indana wungkul jeung Imanna ‘indallah wungkul mangka eta mah nisbat antara Iman syar’an jeung Islam syar’an teh lain talazum tapi al-umum wal khusus al-wajhy ( ‘umumun wa khususun min wajhin), nyaeta nisbat antara dua perkara anu bisa kumpul duanana dina sa-maaddah (satempat jeung sawaktu) tur bisa oge pisah duanana dina maadah anu sejen. Mangka bisa kumpul Iman syar’an jeung Islam syar’an dina sawaktu di saurang jalma, nyaeta di jalma anu ngabenerkeun ku hatena (percaya) kana saniskara perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi Saw tea sarta manehna ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat. Bisa oge pisah Iman syar’an tina Islam syar’an kalawan harti kasebut Iman syar’an bari hanteu kasebut Islam syar’an di saurang jalma, nyaeta di jalma anu ngabenerkeun ku hatena kanu dicaritakeun tadi ngan manehna hanteu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat. Jeung bisa oge pisah Islam syar’an tina Iman syar’an, kalawan harti kasebut Islam syar’an tapi hanteu kasebut Iman syar’an di saurang jalma, nyaeta di jalma anu ikrar ku lisanna kana dua kalimah syahadat tapi manehna hanteu percaya kana naon bae perkara anu disumpingkeun ku Kangjeng Nabi Saw saperti anu tiheula.
Pasal ka 2.

            Upama dumasar kana harti lughotan mangka nisbat antara Iman jeung Islam teh eta al-‘umum wal khusus al-mutlaq (عموم وخصوص مطلقا), lantaran sakumaha anu geus diterangkeun tiheula yen Iman teh khusus anu tempatna hate (pasrah sumerahna hate), lisan mah sakadar panarjamah. Ari Islam mah eta umum, nyurambahan kana pasrah sumerah hate, lisan jeung anggahota sejenna.  Ari عموم وخصوص مطلقا teh eta nisbat antara dua perkara anu kumpul duanana dina hiji maadah tur tara pisah duanana dina maaddah anu sejen. Conto saperti beusi jeung logam. Eta beusi jeung logam teh kumpul duanana dina sa-maaddah nyaeta dina logam jinis beusi, tut eta logam jeung beusi teh tara pisah duanana dina maaddah sejen anu ngandung maaddah salah sahijina, lantaran memang logam sok pisah tina beusi nyaeta dina maaddah perak, tapi kapan beusi mah tara pisah tina logam. Mangka pasti satiap beusi teh logam, jeung hanteu pasti satiap logam eta beusi. Saperti Iman jeung Islam dumasar kana  harti lughotan mangka pasti satiap Iman eta teh Islam, jeung hanteu pasti satiap Islam eta Iman. Mangka pasti satiap mu'min lughotan eta muslim lughotan, jeung hanteu pasti satiap muslim lughotan eta mu'min lughotan. Dina nisbat anu ieu, Iman teh bagian anu khusus tina Islam. Kana pangartian Iman bagian anu khusus tina Islam teh urang manggihan hadits riwayat Imam Ahmad jeung At-Thabrani ti ‘Amr bin ‘Anbasah RA anu kieu ungkarana:

قال رجل: يا رسول الله اي الاعمال افضل؟ فقال: الاسلام. فقال: اي الاسلام افضل؟  قال: الايمان

  = ceuk saurang lalaki: nun Rasulullah, amal anu mana anu paling unggul? Mangka waler Rasulullah: al-Islam. Tuluy ceuk eta lalaki: Islam anu mana anu paling unggul? Waler Rasulullah: al-Iman.

  Tah jelas dina ieu hadits Iman teh bagian anu khusus tina Islam, jeung Islam umum, nyurambahan kana Iman jeung kanu lianna. Ku lantaran kitu, bisa atuh Islam teh dipake nyebut Iman dumasar kana jalan make lafad ‘aam dina ma’na khas. Saperti nyebut ramo kana tungtung ramo. Kitu deui bisa nyebut Iman kana Islam dumasar kana jalan make lafad khas dina ma’na ‘aam. Saperti nyebut kalimah kana kalam. Pikeun ieu  hal urang oge manggihan hadits muttafaq ‘alaih ti Ibnu Umar RA, dawuahan Rasulullah SAW:

بني الاسلام على خمسة على ان يوحد الله واقامة الصلاة وايتاء الزكاة وصيام رمضان والحج

= Diwangun Iman teh kana lima perkara; kana tauhid ka Allah jeung ngadegkeun salat jeung ngaluarkeu zakat jeung shiyan ramadhan jeung haji. (Muttafaq alaih).

Dina sejen tempat saperti anu diriwayatkeun ku Al-Baihaqi ti Ibnu Abbas RA, rehing Rasulullah SAW kantos ngadawuh:

تدرون ما الايمان؟  شهادة ان لا اله الا الله وان محمدا رسول الله وان تقيموا الصلاة وتؤتوا الزكاة وتصوم رمضان
وتحجوا البيت الحرام

= naha nyaho aranjeun, naon ari Iman?  Nyaeta nyaksian kana saenyana hanteu aya anu hak diibadahan lian ti Allah jeung saenyana Muhammad eta Rasul Allah, jeung aranjeun ngadegkeun salat jeung mikeun zakat jeung aranjeun shiyam dina ramadhan jeung aranjeun haji ka Baetul haram.

Tina dua hadits anu bieu jelas pikeun urang yen Kangjeng Nabi Saw dina hadits kahiji nyebat  Islam kana perkara anu ku anjeuna disebat Iman dina hadits anu kadua. Jeung dina hadits anu kadua anjeuna nyebat Iman kana perkara anu ku anjeuna disebat Islam dina hadits anu kahiji. Cindekna Kangjeng Nabi Saw nyebat Iman kana Islam sareng nyebat Islam kana Iman. Lebah dieu atuh nisbat antara Iman jeung Islam teh taroduf (sinonim), nyaeta beda-beda sebutan kana hiji perkara atawa hiji perkara anu beda-beda sebutanana.

Bab ka 3. Mertelakeun faedah Iman jeung Islam.
Pasal ka 1.
Upama urang nitenan faedah jeung manfaat Iman jeung Islam boh pikeun sewang-sewangan pribadi anu kaancikanana boh pikeun masyarakat mangka loba pisan tur pohara gede faedah jeung manfaatna teh anu lain pedareun tulisan anu ringkes kieu. Tapi sakadar pikeun ngalengkepan ieu tulisan anu dek dipedar lebah faedah jeung manfaat tina Iman jeung Islam teh eta anu mangrupa gurat handap anu patula-patali kana hukum anu hanteu tumiba ka jalma anu hanteu Iman jeung hanteu Islam.
Sakumaha nu geus dipedar tiheula tina jihat anggapan Iman jeung Islam teh aya anggapan ‘indana aya oge anggapan ‘indallah. Anapon faedah jeung manfaat Iman jeung Islam ‘indana pikeun jalma anu kaancikanana sok sanajan ‘indallah mah manehna teh lain mu'min lain muslim eta ngadatangkeun hak panangtayungan hirup jeung kahirupanana ti pihak kaom muslimin sapanjang manehna hanteu ngareumpak kana peraturan jeung undang-undang Islam anu matak ngadatangkeun hak diganggu hirup jeung kahirupanana, saperti zina, maehan muslim tanpa hak jeung sabangsana. Mangka manehna haram dibunuh jiwana, haram diganggu harta bandana. Kitu deui nalika manehna maot mangka hak diperlakukeun ku kaom muslilin saperti diperlakukeun jalma mu'min tur muslim ‘indana wa ‘indallah bae, dina harti disalatan, diruang di pakuburan muslimin, silih waris jeung ahli warisna anu mu'min anu muslim.
Anapon faidah jeung manfaat Iman jeung Islam ‘indallah eta ti antarana teh ngaluarkeun tina siksa naraka di akherat jeung nyalametkeun kalawan rahmat Allah tina langgeng dina naraka. Al-Imam Al-Ghazaly dina kitab Ihya ulumiddin juz awwal kaca 116-118 kalawan panjang lebar parantos maparkeun kana faedah jeung manfaat Iman jeung Islam teh anu kira-kira tarjamah bebasna mah kieu: “ Ari Iman jeung Islam teh mangrupa dua hukum dunyawi jeung ukhrawi. Anapon anu ukhrawi eta ngaluarkeun tina naraka jeung nyegah tina langgeng dina eta naraka, lantaran dawuhan Rasulullah SAW: “baris kaluar tina naraka teh jalma anu aya Iman dina hatena satimbang dzarrah [1].


[1] Dina hadits muttafaq alaih ti Abi Sa’id RA Rasulullah SAW ngadawuhkeun:
يدخل اهل الجنة الجنة واهل النار النار ثم يقول الله تعالى: اخرجوا من كان فى قلبه مثقال حبة من خرذل من ايمان
= baris asup ahli surga kana surga jeung ahli naraka kana naraka, lajeng ngadawuh Allah ta’ala (ka para malaikat): “kaluarkeun ku maraneh tina naraka teh jalma anu aya dina hatena satimbang siki sasawi tina iman!” (Sahih Bukhari, juz I hal. 13)


Cari Blog Ini